URANG Sunda sok muji ka Urang Padang: jago dagang. Urang Sundana sorangan sok mepehek diri sorangan, euweuh kaludeung kana dagang. Tuluy sok dipatalikeun jeung paribasa, bongkok ngaronyok bengkung ngariung. Leuwih hade cicing di lembur kajeun hirup walur
Padahal paribasa kitu teh teu cop alias teu relevan dipatalikeun kana mental usaha hiji seler, atawa hiji jalma. Pek we tingali, urang Tasikmalaya apan katotol tukang lunta ka nu jauh ti lemburna, ngadon usaha ngiriditkeun barang. Kuring boga babaturan di Makassar. Manehna nyebutkeun, loba urang Sunda cenah di Makassar nu baroga toko, tur asalna mah tukang kiridit ka kampung-kampung di Sulawesina teh. Ari urang Tasik apan eces urang Sunda, lin?
Jadi soal mental rajin usaha jeung ngedul usaha mah teu di urang Sunda teu di urang Padang. teu di urang Indonesia teu di urang Amerika. Eta mah geus prah sipat manusa. Ngan palebah dorongan wae. Aya anu tina ngedul tuluy robah jadi tanginas tur cingceung kana usaha, aya anu ngedul memang saumur ngedul sakumaha dipecutna ge angger we siga hees jeung hees kabeukina, aya anu memang ti leuleutik rajin tur tanginas, tapi teu munasabah deuih aya oge anu tadina rajin tuluy jadi pangedulan.
Keur urang Sunda saenyana aya paribasa ti karuhun urang anu raket patalina jeung soal ekonomi, anatara "Saeutik Kudu Mahi Loba Kudu Nyesa". Paribasa apan cocog pisan jeung palsapah bisnis alias usaha. Di sakola bisnis mana wae ge, rek di urang rek di mancanagara, sakuamaha nu kabaca tina litetarur, prinsip saeutik kudu mahi loba kudu nyesa teh geus jadi palsapah bisnis moderen. Basa akademisna mah meureun kudu efisien lebah ngagunakeun waragad, bari hasilna angger mucekil. Sanajan modal usaha kurat-karet, keur pangusaha anu tapis mah, pasti bisa makihikeunana. Atuh mun modalna sagala nyampak, geus pasti hasilna mucekil tur bisa ngeureut neundeun. Malah usahana tuluy mekar, nyieun cabang atawa usaha sejen.
Mental usaha, alias mental bisnis, memang patali jeung karakter atawa watek hiji jalma. Ngan palebah disakompetdaunkeun ka seler mah, upamana we seler Sunda mah teu boga karakter kana usaha, saenyana henteu merenah. Eta cenah palebah di Bandung mah loba urang Sumatera anu teu eraan daek usaha ngampar muka lapak, ari urang Sundana mah eraan, eta henteu merenah deuih. Geura di Jalan Malioboro, da teu saeutik urang Sunda anu daragang. Di Jakarta ge nyakitu.
Jalma anu hade atawa boga anleh kana bisnis, anu pangheulana katingali tina sipatna, nyaeta daekan, tanginas, sagala diulik, jeung nu pangpentingna, teu eraan. Tah ceuk para kampiun bisnis samodel Ciputra, Ram Charan jago bisnis urang India, atawa Jack Welch nu kungsi jadi bos General Elektrik, musuh nu sok ngahalangan ka urang pikeun ngalengkah rek usaha, saenyana musuhna the lain batur, tapi urang keneh, nyaeta gede kaera jeung gede kasieun.
Jadi, samemeh prak ngalarapkeun strategi usaha, metakeun modal, tur nangtukeun naon usahana, nu pangheulana kudu dilawan tur dipateni mah, era jeung kasieun keur ngamimitian. Sieun Era ku babaturan, era ku tatangga, era ku dulur, jeung sieun teu payu, sieun rugi. Cenah eta teh cucuk rungkang keur saha wae nu rek ngamimitian usaha.
Masih keneh ceuk para jawara bisnis samodel ceuk Ciputra, Ram Charan jeung jago-jago usaha ti Amerika Serikat, sanggeus bisa ngabinasakeun musuh nu ngaranna era jeung sieun tea, ti dinya kakara ngalengkah kana uteuk, nyaeta alat keur nangtukeun strategi usaha tur museur naon anu rek didagangkeun ku urang.
Atuh mun kitu mah kudu sakola luhur, nya?
Memang saperti Ciputra, atawa saha wae kampiun bisnis, atikan teh kawilang penting pikeun ngadorong saha wae anu hayang usaha. Ngan ulah salah harti, atikan di dieu lain hartina salawasna kudu sakola luhur. Malah Ram Charan, doktor ilmu bisnis anu elmuna diparake ku pangusaha-pangusaha jugala di AS, nandekeun kieu: kaparigelan bisnis euweuh patalina jeung sakola luhur di paguron luhur. Cindekna, sukses pangusaha euweuh patalina jeung kasangtukang pendidikan akademis. Kitu apan pok-pokanana sakumaha anu kaunggel dina bukuna: Know How, 8 Kaparilegan keur Pamingpin Sukses.
Memang omongan kitu teh lain sabongbrong. Puguh buktina. Geura we urang tataan, jalma-jalma anu sukses dina usaha, umumna malah suksesna teh sabada ngejat ti paguron luhur, ngarasa teu betah diuk dina bangku kuliah ngabandungan dosen ngabamblam. Bill Gates, Michael Dell, Anita Roddick.
Tiluanana apan katotol raja bisnis. Bill Gate, ninggalkeun Universitas Harvard demi ngulik Microsoft, tur ayeuna jadi jalma kahiji pangbeungharna sadunya ladang dagang sofware Microsoft. Michael Dell ge nyakitu, ngejat teu betah kuliah tuluy ngutak ngatik komputer, ayeuna jadi raja komputer merek Dell. Anita Roddick, wanoja Italia anu ngumbara ka Inggris tuluy nyoba-nyoba ngaramu tutuwuhan keur ngurus awak (kecantikan), nepi ka ayeuna The Body Shop, pausahaan kosmetik milik Anita katotol pangsuksesna sadunya.
Malah, apan ahirna kalangan akademisi tah nu kahutangan budi ku jalma-jalma samodel Bill Gates, Michael Dell, jeung Anita Roddick. Ayeuna apan bisa disebutkeun urang geus gumantung kana alat-alat samodel komputer plus sofware-na, kitu deui rek wanoja rek pria geus tangtu gumkantung kana kosmetik. Tangtu wae,boh komputer, boh sofware, boh kosmetik geus teu salawasna prdoduk Microsoft, Dell atawa Body Shop wae. Tapak lacak para kampiun bisnis bieu teh geus loba anu nuturkeun, kaasup ku pangusaha ti urang.
Urang Sunda geus boga kampiun-kampiun bisnis, copelna tingkat lokal tuluy ngupuk sacara nasional. Upamana wae pangusaha dodol Picnic, apan merekna dodol urang Garut ieu teh geus katotol, tuluy pangusaha warung sangu Ampera, katotolna geus lain di Jawa Barat wae, sabab cabangna di Jakarta ge geus kaimpungan ku selebriti. Ngan memang can ngajaul ka mancanagara. Kawasna, pangusaha-pangusaha lokal di tatar Sunda kudu geuwat boga implengan keur ngajaul ka tingkat regional, upamana wae katotol sa-Asia Tenggara we heula. Sabab pauasahaan-pausahaan di Jakarta ayeuna keur tatahar nuturkeun tapak lacak pausahaan-pausahaan di mancanagara, sangkan ulah jago kandang, tapi kudu tembus ka mancanagara. Pausahaan media samodel Kompas Gramedia, Ciputra, MNC (Sindo, RCTI, TPI), jeung grup Jawa Pos keur nataharkeun sangkan jadi pausahaan anu go internasional. (cecep burdansyah)*
aya hiji kalemahan urang sunda nu sering katinggal ku simkuring mah, pami ngami2tian usaha teh mikirna sok sien rugi wae, padahal mah teu acan di coba aya paribasana gening "kumeok memeh dipacok". tah eta anu kedah di picen tebih2 tina fikiran urang. pami urang sunda hoyong langkung maju.....(hayu geura harudang urang sunda...)
kawasna asa lepat pisan pami mental urg sunda kirang kuat kana usaha..seueur contona nu buka warung atanapi toko di jkt urg sunda,,teras artis ge seueur pan pami janten artis teh kedah kerja keras sanes??teras pemusik di kancah nasional seuseueurna urg sunda (purwacaraka, erwin gutawa, addie ms..eta urg sunda kan??) sareng band2 oge seueur..dina pamrentahan seueur urg sunda janten pejabat lingkup departemen, pami contoh dina bidang politik mah urg sunda janten pejabat di Prov Kepri sanes teu sakedik...seueur nu nyarios sunda di jkt ge..eta nu kauninga ku pribados ayeuna..justru ayeuna langkung seueur urg sundana di jkt teh..tos ahh ulah teu pede...nuhun
tah, satuju pemirsa,, emang kuduna kitu, mun cek ajaran islam teamah kamulyaan jalma teh lain di ukur ku ras, suku, atawa warna kulitna, tapi ku taqwana. Kitu oge meren kasukses te ditangtuken ku sukuna tapi lewih ku kahayang jenga watak jelemana... urang sunda, Semangat Ahh!!!!!!!!
Tah urang sunda mah sok ngajejeleh diri sorangan, tue pedelah kana saga rupa oge tara junun. sok we tingali mana Pejabat nu diluhur urang sundana mah bisa diitung. Artis oge mana urang sunda, iwalti si Sule tah nukeur manggung teh. Jalma prihatin jadiwe artis kasohor. Hapunten anu kasuhun ah...!Posted by: Dahlan Koswara Nanda... hehehhehheee...siga nte atuh lur..ngagogoreng diri sorangan...orang sunda pang lobana anu jadi artis aahh..manya teu uninga kitu atanapi teu gaduh TV di bumi??? sok geura deudeuleh heula ku anjeun..sateu acan nyarios teh..
bagus..........